Jenis-jenis Prosa Sunda


BAB I
BUBUKA
A.    Kasangtukang
Kahirupan sastra Sunda anu aya tepi ka kiwari téh mangrupa hasil kreativitas para pangarang anu sambung-sinambung ti mangsa ka mangsa. Dina awal abad ka-20, sastra Sunda nampa pangaruh tina sastra Barat. Nya terus gelar karya alanyar winangun novel, carpon, jeung roman. Disebut wangunan anyar téh duméh karya sastra anu hirup dina mangsa saméméh namah ukur ngawengku dongéng, carita pantun, mantra, pupujian, jeung guguritan.
Prosa disebut wangun lancaran. Disebut wangun lancaran kusabab wangunna teu kauger ku guru wilangan, guru lagu, jumlah padalisan dina sapadana, purwakanti, atawa ngolah wirahma. Basa nu dipakéna basa sapopoé. Upama nilik kana wujudna, kalimah téh ngaruntuy, henteu dipenggel-penggel mangrupa padalisan atawa diwangun ku sababaraha pada.
Prosa dina basa Sunda bisa dipasing-pasing jadi sababaraha golongan. Dumasar kana gumelarna, aya prosa buhun jeung prosa modern. Nu kaasup prosa buhun nyaeta dongeng jeung carita wayang. Anu kaasup prosa modern nyaeta carita pondok, novel, jeung esey.
B.     Masalah
1.      Masih seueur anu teu apal jenis-jenis prosa dina Basa Sunda.
2.      Masih seueur anu teu paham kanu jenis-jenis prosa.
3.      Masih seueur anu teu apal conto unggal-unggal jenis carpon.
C.    Tujuan
1.      Keur mikanyaho jeung maham rupa-rupa jenis prosa.
2.      Keur mikanyaho conto unggal-unggal jenis prosa.
BAB II
PEDARAN MASALAH

A.    Dongéng
Dongéng téh ngaran salasahiji golongan carita, dina wangun prosa (lancaran). Dongéng nyaéta carita rékaan anu méré kesan pamohalan tur ukuranana parondok. Memang aya oge dongéng anu kesan pamohalanna teh teu karasa, nyaeta dongéng-dongéng anu nyaritakeun kahirupan sapopoé. Dongeng kaasup kana carita balarea (folktale) sarta geus jadi milik rahayat.
Dongéng dina sastra Sunda loba anu geus kahot umurna, jeung teu kapaluruh iraha jeung saha anu ngarangna (anonim). Sumebarna sacara lisan, tatalepa ti hiji jalma anu lian, tepi ka mangsa kiwari. Tapi sanggeus aya téknologi percitakan ngambah kasusastraan teu saeutik dongéng-dongéng anu medal téh utamana mah pikeun ngarojong dunya atikan, hususna atikan budi.
Ciri-ciri umum anu aya dina dongéng nyaéta :
1.      Caritana basajan jeung biasana pondok. Nya kitu deui basa nu digunakeun oge sok basajan, alesanana mah kusabab dina dongeng mah umumna dengekeuneun barudak, anu tangtu wae kamampuh ngagunakeun basana masih kénéh kawatesanan.
2.      Ngandung ajen atikan. Ajén  atikan nu ditepikeun dina dongéng  mah utamana atikan kaluhuran budi. Cindekna kajadian anu ditepikeun dina dongéng téh mangrupa pieunteungeun. Upamana wae jalma bener tangtu meunang pahala, jalma salah tangtu bakal meunang siksa atawa cilaka; supaya maksudna timekanan kudu ngagunakeun akal: atawa kudu sauyunan ambeh repeh-rapih.
3.      Ragem atawa konvensi nyaeta pola dina dongeng dianggap geus maneuh, henteu robah-robah. Contona dina Dongeng Kuya jeung Monyet Ngala Cabe polana anggeur kieu: (a) monyet ngajak ngala cabe ka kuya di kebon patani; (b) waktu keur ngala cabena kapanggih patani, monyet bisaeun kabur, ari kuya katewak ; (c) ku akal jeung tarekahna kuya, ahirna monyet bisa kaolo daekkeun dikurungan; (d) kuya teu tulus dipeuncit; (e) sanggeus nyahoeun yen rek dipeuncit monyet papaehan tepi ka ahirna dipiceun ku patani, jeung (f) monyet kabur ka leuweung.
4.      Rineka atawa improvisasi nyaeta robah-robahna wanda dongeng, najan ari polana mah angger. Robahna dongéng nu ditepikeun téh gumantung kana suasana jeung kamampuan jalma anu ngadongéngkeunana. Kusabab dongéng téh umumna ditepikeun sacara lisan, atuh dina prakna ngadongéng téh tangtu waé moal sagemblengna angger. Ku ayana improvisasi téh timbul dongeng sababaraha versi. Contona wae Dongeng  Kuya jeung Monyet Ngala Cabe teh leuwih ti saversi, najan ari polana mah angger sakumaha nu tadi geus ditétélakeun.
Nilik kana eusi carita anu dilalakonkeunana, dongeng téh bisa diklasipikasikeun jadi sababaraha rupa, diantarana:
1.      Dongéng fabél, nyaéta dongéng anu eusina nyaritakeun paripolah sasatoan nu barisa ngomong kawas manusa jeung barogaeun akal.
2.      Dongéng mite, nyaéta dongéng anu eusina nyaritakeun jalma sakti, jaya, jeung gedé wawanen anu béda jeung manusa biasa. Aya kalana kasaktian palakuna téh dirojong ku hal-hal gaib (supranatural). Contona : Nyi Rambut Kasih, Nyi Dewi Sri, Nyi Roro Kidul, Sangkuriang, jste.
3.      Dongéng sasakala (legénda), nyaéta dongéng anu eusina nyaritakeun asal muasal hiji tempat, barang, sasatoan, tutuwuhan, atawa kajadian penting anu teu kaharti ku akal. Contona : Sasakala Gunung Tangkuban Parahu, Sasakala Situ Bagendit,  jste.
4.      Dongéng pamuk, nyaéta dongéng anu eusina nyaritakeun paripolah jalma nu boga kagagahan tur ngandung unsur sajarah. Contona : Sunan Gunung Jati, Prabu Kean Santang, jste.
5.      Dongéng farabél, nyaéta dongéng anu eusina nyaritakeun jalma anu mahiwal, teu lumrah jeung batur. Naha sipatna teh pikalucueun, pikasebeleun, atawa pikangéwaeun batur. Contona : Si Kabayan, Abu Nawas, jste.
Unsur carita anu aya dina dongéng téh rupa-rupa, ngawengku :
1.      Téma carita. Téma nyaéta jejer atawa ide carita anu dicaritakeun. Téma téh rupa-rupa pisan, aya téma carita saperti moral, kamasarakatan, kaagamaan, kasajarahan, tatakrama, jste.
2.      Tokoh atawa palaku carita nyaéta para palaku anu ngalalakon dina carita, bisa palaku jalma atawa palaku lain jalma. Aya dua rupa tokoh carita, nyaéta palaku utama jeung palaku tambahan.
3.      Plot atawa galur carita. Carita disusun dina galur atawa plot (alur) nu tangtu. Jaba ti galur carita aya istilah jalan carita. Aya bédana antara galur carita jeung jalan carita. Galur carita leuwih nyoko kana sabab-sabab timbulna hiji kajadian, ari jalan carita mah nyoko kana runtuyan kajadianana. Mémang galur téh ayana dina jalan carita. Aya rupa-rupa galur atawa plot carita , nyaéta :
a.       Galur marélé nyéta galur carita anu nyuguhkeun caritana marélé atawa ngaruntuykeun. Eusi caritana diparélékeun sacarita-sacarita, salalakon-salalakon, saépisode-saépisode. Lalakon biasana diheuleut-heuleut atawa ditunda heula, tuluy engke disampeur deui, dituluykeun.
b.      Galur maju nyaéta galur carita anu ngagambarkeun lalampahan tokoh ti awal nepi ka ahir kalawan ngaruntuy (kronologis).
c.       Galur mundur nyaéta galur carita anu dimimitian tina tungtung carita atawa épisode pamungkas heula. Bagian saterusna mangrupa runtuyan kajadian anu nerangkeun atawa jadi pamuka pungkasan carita anu geus diheulakeun tea.
d.      Galur bobok tengah nyaéta galur carita anu langsung kana tengah-tengah carita. Carita henteu maké bubuka atawa manggalasastra, tara ngawanohkeun heula nu ngalalakon. Anu maca ujug-ujug dibawa kana tengah-tengah carita. Sakapeung mah lalakon téh asa teu anggeus. Nutupkeun carita kudu dikira-kira ku nu maca.
4.      Latar Carita
Waktu, tempat, jeung suasana lumangsungna kajadian carita  disebutna
latar carita (setting). Waktu kajadian nu aya dina dongéng nyaéta jaman bihar atawa jaman baheula. Sabab umumna waktu kajadian dina dongéng mah ngagambarkeun kahirupan jaman baheula. Tempat kajadian nu aya dina dongéng biasana sok di Kahyangan, di Karaton, di Kaputren, di leuweung, jste.
5.      Amanat Carita
Amanat carita nyaeta pesan anu hayang ditepikeun ku pangarang ka nu maca atawa ngadengekeun carita.

B.     Carita Pondok (Carpon)
Carita pondok sok disingget carpon, nyaéta karangan rekaan (fiksi) dina wangun lancaran (prosa) anu wangunna pondok. Lebah ukuran pondok téa, aya anu di ukur ku jumlah kecapna nyaeta antara 5.000 – 10.000 kecap. Aya ogé anu diukur ku waktu macana nyaeta kurang leuwih saparapat jam, upama dibaca nepi ka réngsé téh. Tapi umumna carpon Sunda, upama diketik dua spasi make kertas ukuran polio téh, antara 4 – 8 lambar.
Carita pondok tѐh mѐh sarua jeung dongѐng. Carita pondok jeung dongѐng tѐh pada-pada mangrupa carita nu eusina parondok. Bédana, dina dongѐng mah loba bagѐan carita nu pamohal (teu asup akal) sedengkeun ari carita pondok mah umumna teu midangkeun bagѐan nu pamohalan, tegesna eusi carita pondok mah kaharti ku akal. Palaku, jalan carita, tempat, jeung waktu kajadian dirѐka siga nu enya kajadian. Lian tiѐta carita pondok kaasup kana sastra modѐrn, sedengkeun dongѐng kaasup kana sastra heubeul. Carita pondok kanyahoan saha nu ngarangna, dongѐng mah teu kanyahoan saha nu ngarangna sabab sumberna ti masarakat umumna sacara lisan, sedengkeun carita podok sumberna tѐh umumna ngaliwatan wangun tulisan. Ayeuna kabѐhdieunakeun geus loba dongѐng nu dibukukeun tapi tetep nu ngarang mimitian mah teuing saha paling ogѐ aya katerangan dikumpulkeun/ dicaritakeun deui ku sahana.
Ciri-ciri carpon nyaéta :
1.      eusi caritana pondok,
2.      palakuna saeutik,
3.      latar tempatna saeutik, latar waktuna sakeudeung,
4.      nyaritakeun hiji kajadian carita.
Karya sastra prosa tѐh nya ѐta karya sastra wangun lancaran (karangan basa bѐbas), hartina teu kauger ku ayana katangtuan jumlah baris dina tiap bait, jumlah suku dina tiap baris (guru wilangan), jeung katangtuan sora dina engang panungtung jajaran (guru lagu).
Buku kumpulan carita pondok munggaran basa Sunda judulna Dog-dog Pangrѐwong, karangan G. S. (ngaran samaran) dikaluarkeun ku Balai Pustaka dina taun 1930, genep taun leuwih ti heula batan kumpulan carita pondok basa Indonѐsia, nya ѐta Teman Duduk, karangan Muh. Kasim taun 1963. Mimiti loba carita pondok nu medal sanggeus Bangsa Indonѐsia merdѐka. Utamana sanggeus loba majalah-majalah nu medal, kurang leuwih dina taun 1951.
Ceuyahna carpon dina sastra Sunda pangpangna sabada merdéka. Sumebarna umumna ngaliwatan majalah-majalah jeung surat kabar sunda.
 Pangarang-pangarang carita pondok jeung karyana anu geus dibukukeun, diantarana :
(1)    R.A.F. (Rahmatullah Ading Affandi): Carita Biasa, Dongéng Enteng ti Pasantren.
(2)    Rusman Sutiasumarga : Papacangan.
(3)    Ayatrohaédi : Hujan Munggaran.
(4)    Caraka ( Sandiasma Wiranta ) : Néangan.
(5)    Tini Kartini : Jurig, Nyi Karsih.
(6)    Yus Rusyana : Diluhureun Jukut Reumis, Jajaten Ninggang Papastén.
(7)    Ki Umbara : Diwadalkeun ka Siluman.
(8)    I. Asikin : Nu Tepung di Imah Dukun.
(9)    Godi Suwarna : Murang-maring, Serat Sarwasatwa.
(10)     Taufik Faturohman : Kun Fayakun.
(11)  Abdullah Mustapa : Nu Teu Kungsi  Kalisankeun.
(12)  Eddy D. Iskandar : Tali Asih anu Nganteng, Lembur Singkur Panineungan.
(13)  Iskandar Wassid : Halimun Peuting
(14)  Karna Yudibrata : Kanyaah Kolot.
(15)  Usep Romli H.M. : Jiad Ajengan, Ceurik Santri.
(16)  Maman MS : Tamba Hanaang.
(17)  Ahmad Bakri : Ki Merebot.
(18)  Aam Amiia : Panggung Wayang.
(19)  Kis WS : Mirah Dalima.
Pangarang carpon anu karyana can dibukukeun, diantarana : Mh. Rustandi Kartakusumah, Wahyu Wibisana, Adang S., Min Resmana, Holisoh ME., Ningrum Julaéha, Sukaésih Sastrini, Saini KM., Johar Éfsa, Aan Mérdéka Pérmana, Ami Raksanagara, A. Kohar, Tatang Sumarsono, Hidayat Soesanto, Sum Darsono, Cecep Burdansyah, Hadi AKS, Darpan Ariawinangun, Usman Supendi, jeung Budi Rahayu Tamsah.
Unsur carita anu aya dina carita pondok teh rupa-rupa, ngawengku :
1.      Tema carita.
2.      Tokoh atawa palaku carita
3.      Plot atawa galur carita.
Aya rupa-rupa galur atawa plot carita , nyaeta :
a.       Galur marele
b.      Galur maju
c.       Galur mundur.
d.      Galur bobok tengah
4.      Latar Carita
Anu kaasup latar carita nyaéta , waktu, tempat, jeung suasana lumangsungna kajadian carita.
5.      Amanat Carita

C.    Novél
Novél kaasup salah sahiji carita rékaan (fiksi). Novel nyaeta carita rékaan anu méré kesan lir enya-enya kajadian tur ukuranna panjang. Kajadian anu dicaritakeunana oge loba deuih. Dina novel aya sababaraha kajadian anu sambung-sinambung. Latarna, boh latar waktu boh latar tempat, tangtuna oge leuwih jembar deuih. Palakuna, lian ti palaku utama teh aya palaku panglengkep jeung figuran (palaku panambah). Najan henteu mutlak kitu. Anu jelas, dina novél mah leuwih laluasa nyaritakeun pasipatan jeung paripolah palakuna teh.
Asupna novél kana sastra Sunda téh mangrupa pangaruh sastra Barat, utamana Walanda. Novél munggaran dina sastra Sunda nyaéta Baruang ka nu Ngarora karangan Daéng Kanduruan Ardiwinata (D.K.Ardiwinata), terbit taun 1914. Upama dibandingkeun jeung novel munggaran dina sastra Indonesia, Azab dan Sengsara karangan Merari Sirégar, anu terbit taun 1920, leuwih ti heula genep taun. Jadi kurang merenah upama novel dina sastra Sunda téh mangrupa pangaruh tina sastra Indonesia.
Papasingan novél dina Sastra Sunda nyaéta diantarana :
1.      Novél Barudak
 Novél barudak nyaéta novél anu diajangkeun pikeun bacaeun barudak. Masalah anu dicaritakeunana, masalah-masalah anu raket patalina  jeung kahirupan barudak. Kitu deui dina cara nyanghareupan jeung ngaréngsékeun éta masalah, luyu jeung pikiran katut jiwa barudak. Palakuna ogé barudak deuih.
Novél barudak jeung pangarangna dina sastra Sunda, diantarana:
a.       Samsudi : Budak Teuneung, Budak Minggat.
b.      Tatang Sumarsono : Miang jeung Kaludeung, Si Paser.
c.       Hidayat Soesanto : Guha Karang Legok Pari, Bima Rengkung, jeung seri carita wayang tina Mahabarata.
d.      Ahmad Bakri : Nu Seungit Dipulang Asih.
e.       Aan Merdeka Permana : Tanah Angar di Sebambam, Kedok Tangkorek, Andar-andar Pangandaran, Paul di Pananjung Paul di Batukaras.
f.       Adang S. : Budak Calakan, Neangan Bapa, jeung Dang Umar ti Situraja.
2.      Novél Rumaja
Novél rumaja nyaéta novél anu eusina nyaritakeun masalah-masalah rumaja. Kitu deui palaku utamana oge pararumaja. Di urang novél rumaja téh henteu loba. Sawatara conto novél rumaja nyaeta Cinta Pabaliut  karangan Eddy D. Iskandar, Rini karangan Yoseph Iskandar, jeung Lalangse karangan Aam Amilia.
Memang nepi ka danget ieu, tacan aya pananglutikkan sacara husus ngeunaan novél rumaja dina sastra Sunda.
3.      Novél Déwasa
Novél déwasa, tangtu baé diajangkeun pikeun bacaan anu geus déwasa (sawawa). Eusina nyaritakeun masalah-masalah jalma anu geus dewasa. Kitu deui jeung palaku utamana. Dina sawatara novél aya bagian-bagian anu kurang merenah upama dibaca ku barudak. Upama bae bagian anu nyaritakeun peuting munggaran Karnadi jeung Eulis Awang dina novel Rusiah nu Goreng Patutbeunang Yuhana jeung Sukria; adegan oconna Neng Eha jeung Kosim di jalan kamar Si Boyoh dina novel Asmaramurka jeung Bedog Si Rajapati karangan Ahmad Bakri.
Sanajan henteu saloba novel bahasa Indonѐsia, novél basa Sunda nu dipedalkeun mangrupa buku, henteu kurang rѐana. Utamana taun 60-an jeung taun 70-an. Sabenerna ayeuna ogѐ aya kѐnѐh novel basa Sunda nu terbit dina wangun buku tѐh, tapi lian ti nyitak novel-novel heubeul, jumlahna saeutik pisan.
            Pangarang Sunda jeung novél karyana, di antarana:
No
Pangarang
Karyana
1.
D. K. Ardiwinata
Baruang ka nu Ngarora
2.
Joehana
Mugiri, Agan Permas, Carios Eulis Acih, Kalepatan Putra Dosana Ibu Rama, Rusiah nu Goréng Patut (Karnadi Anémer Bangkong)
3.
Moh. Ambri
Lain éta, Numbuk di Sué, Pusaka Ratu Teluh (Saduran), Pependeman Nabi Sulaéman (Saduran), Urang Désa
4.
R.Mѐmѐd Sastrahadiprawira
Pangéran Kornél, Mantri Jero
5.
M. A. Salmun
Gogoda ka nu Ngarora
6.
Caraka
Sripanggung
7.
Candrahayat
Carmad
8.
Yus Rusamsi
Dédéh, Wilujeung Énjing
9.
Aam Amilia
Puputon, Buron, Lalangsé, Kalajengking
10.
Ahmad Bakri
Jaragan Batik, Srangéngé Surup Mantén, Nu Sengit Dipulang Asih, Rajapati di Pananjung, Asmaramurka, Mayit dina Dahan Jéngkol, Dina Kalangkang Panjara, Sanghiang Lutung Kasarung
11.
RAF
Pipisahan, Nu Kaul Lagu Kaléon, Béntang Lapang
12.
Adang S.
Ngepung Kahar Muzakar, Néangan Bapa, Budak Calakan, Juragan Kabayan
13.
Ningrum Julaéha
Arca
14.
Abdullah Mustappa
Mikung, Lembur Singkur, Taréh Rosululloh
15.
Yoséph Iskandar
Perang Bubat, Putri Subanglarang, Pamanahrasa, Déwawarman, Rini
16.
Éddy D. Iskandar
Cinta Pabaliut
17.
Tatang Sumarsono
Demung Janggala, Miang Jeung Kaludeung, Jaro Bantahan, Kolébat Kuwung-kuwungan Kinasih Katumbirian, Si Paser
18.
Taufik Faturohman
Patepung di Bandung
19.
Hidayat Soesanto
Guha Karang Legok Pari, Bima Rengkung, Kurawa Pandawa
20.
Dédén Abdul Azis
Pangantén
21.
Ki Umbara
Si Lamsijan Kaédanan, Bedog Si Rajapati
22.
Samsu (Sambas & Susangka)
Laleur Bodas
23.
Margasulaksana
Diarah Pati
24.
Nanie Sudarma
Rasiah Geulang Rantay
25.
Min Resmana
Napsu nu Matak Kaduhung, Néangan Bapa, Imah nu Réa Kamarna
26.
M. A. Salmun
Gogoda ka nu Ngarora, Randa Jegud

D.    Roman
Roman nyaéta karangan prosa anu ngagambarkeun paripolah palaku anu sesuai jeung watak jeung eusi jiwa masing-masing. Di wangun sastra, roman dikenal jadi salah sahiji prosa rékaan anu pang panjangna (jeung kandel). Kusabab panjang, gambaran palaku, watak jeung paripolah palaku, kajadian, tempat, jeung waktu kajadianna téh jéntre pisan, jeung ngaruntuy. Aya ogé nu ngartikeun yén roman téh nyaritakeun palakuna ti mimiti lahir nepikeun ka pupusna. Bahasa nu digunakeun pinuh ku gaya basa.
Loba roman anu sabenerna bisa dicaritakeun saderhana tur pondok, tapi teuteup wae loba nu milih wangun nu panjang. Roman anu siga kitu lain roman anu bener. Roman anu bener lain sekedar prosa rekaan anu panjang. Roman anu bener nyaeta roman anu bener-bener lengkeup (kompleks) jeung ngabahas masalahna sacara jelas jeung ngaruntuy pisan, kudu bener-bener ditulis panjang-lebar.
Aya macem-macem roman, diantarana :
1.      Roman berangsur (bersambung) nyaeta roman anu caritana saepisode-episode .
2.      Roman detektif nyaeta carita roman anu nyaritakeun lalampahan detektif.
3.         Roman picisan (kodian) nyaeta roman anu kurang miboga nilai sastra kusabab eusi caritana ngan nyaritakeun masalah percintaan atawa nyaritakeun kajadian anu kurang ngadidik.
4.         Roman masarakat nyaeta carita roman anu ngagambarkeun kahirupan di masarakat.
5.         Roman sajarah nyaeta carita roman anu disusun berdasarkan kajadian sajarah.
BAB III
PANUTUP
Kacindekan
Dongéng téh ngaran salasahiji golongan carita, dina wangun prosa (lancaran). Dongéng nyaéta carita rékaan anu méré kesan pamohalan tur ukuranana parondok. Ciri-cirina nyaéta, caritana basajan jeung biasana pondok, ngandung ajen atikan, ragem atawa konvensi nyaeta pola dina dongeng dianggap geus maneuh, henteu robah-robah, jeung rineka atawa improvisasi nyaeta robah-robahna wanda dongeng, najan ari polana mah angger. Conto dongéng nyaéta, dongéng fabél, dongéng mite, dongéng sasakala (legénda), dongéng pamuk, jeung dongéng farabél.
Carita pondok sok disingget carpon, nyaéta karangan rekaan (fiksi) dina wangun lancaran (prosa) anu wangunna pondok. Ciri-ciri carpon nyaéta: eusi caritana pondok, palakuna saeutik, latar tempatna saeutik, latar waktuna sakeudeung, jeung nyaritakeun hiji kajadian carita. Novél kaasup salah sahiji carita rékaan (fiksi). Novel nyaeta carita rékaan anu méré kesan lir enya-enya kajadian tur ukuranna panjang.
Roman nyaéta karangan prosa anu ngagambarkeun paripolah palaku anu sesuai jeung watak jeung eusi jiwa masing-masing. Conto-conto roman nyaéta, roman berangsur (bersambung), roman detektif, roman picisan (kodian), roman masarakat, jeung roman sajarah nyaeta carita roman anu disusunberdasarkan kajadian sajarah.
DAPTAR PUSTAKA
Faturohman, T., Hidayat S., Budi R. T. 2007. Pamager Basa XI Pangajaran Basa Sunda pikeun Murid SMA/SMK/MA. Bandung : CV. GEGER SUNTEN
Faturohman, T., Hidayat S., Budi R. T. 2007. Pamager Basa XII Pangajaran Basa Sunda pikeun Murid SMA/SMK/MA. Bandung : CV. GEGER SUNTEN
R. Dede jeung Selavani N.     . Bahasa Sunda. Jateng : CV. Grafika Dua Tujuh

0 komentar:

Posting Komentar